Lagu Jang - Oon B
Jang,
hirup téh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran Bari kudu dilakonan
Jang, jalan kahirupan Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Jang, kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar Salawasna kudu syukur
Éling ka nu Maha Agung Kadé hidep bisi kufur
Jang, jang, cing jadi jalma soléh
Jang, cing jadi jalma hadé Cing jadi jalma gedé
Beunghar harta, jembar haté Jang, hidep cing ngajalma
Turut paréntah agama Ulah jauh ti ulama
Nyobat sareng ahli tobat
Galib sareng para kiyai
Hirup keuna ku owah
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunya akhérat Jang, jang, cing jadi jalma soléh
Jang, cing jadi jalma hadé
Cing jadi jalma gedé
Beunghar harta, jembar haté